• Sajak Sunda Mapag Panen






    Mapag Panén
    héjo konéng pasawahan
    geter haté singkayoan
    héjo konéng pasawahan
    imut hégar pakampungan

    pasangkeun, ujang, tangger kolécér
    alokan trang-trang koléntrang
    hujan ngagayah ka poyan
    paré mimiti ray - rayan

    Saung ranggon, bapa, geura adegkeun
    tempat tunggu pibuateun
    kokoprak di tengah sawah
    jung hama sing  jauh nyingkah

    réréh ceuyah, embi, kugaconganeun
    tolombong pinuhku segon
    ladangan keur meuli samping
    karémbong kabaya nilon

    urang itung, emang, tunggakan nguyang
    ka warung gaplék sakarung
    ka désa pajeg ipédé
    ka bimas pupuk épémpé

    baturan Sri, aki, menyan sasajén
    puncak manik bubur amis
    urang taksir, nini, hasil tatanén
    tandur bérés bekel ledis

    hejo konéng pasawahan
    imut hégar pakampungan
    hejo koneng pasawahan
    paila elih-elih






    Pa Tani Ngagarap Sawah
    Pa Tani ngamimitian nyambut sawahna téh dina mangsa mamaréng. Nu munggaran digarap (dipagawe) teh pabinihan, tempatna dina salah sahiji kotakan nu pangléndona. Tara kungsi sakotak mun sawahna teu pati lega mah, pabinihanana téh, matak sok dina babaladon gé nu deukeut kana sangapan (huluwotan) ngarah gampang ngocorkeun cai. Paré pabinihan dipilih heula, bisi pacampur jeung céré atawa ketan.

    Beunang milih, kakara diirik atawa dikerok, dipuragkeun bangsalna tina geugeusan. Saméméh ditebarkeun (disebarkeun), mudu dikeueum heula. Malah baheula pisan mah, nebarkeun téh sok ranggeuyanana bae teu kungsi di irik heula. Pawinian téh diatur diheuleurankeun dijadikeun sababaraha heuleur, tuluy disegég, malah sok ditanjeban bebegig sagala, minangka panyingsieunan manuk. Sarengsenatebar, kakara mitembeyan macul (ngabaladah atawa ngawalajar).




    Sangkan riduh taneuhna mah, sok digoyor ku cai. Tina kotakan nu hiji kana kotakan nu hiji deui, maké kocoran, mun dina balong mah minangka palayangan.

    Rajeun ogé ngagarap sawah téh ngagunakeun munding. Tapi pacul mah teu tinggaleun najan ku munding ogé, Sabab mudu aya nu ngajurukan, nya éta  ngimeutan anu teu katepi ku singkal Sangkan kira-kira jujukutanana geus buruk katindihan ku tai singkal atawa tai pacul, kakara dibalik. Mun geus riduh pisan taneuhna, tuluy dianglér atawa digaru sangkan taneuhna layur pisan. Jujukutanana sina jadi gemuk, bari dirarata sangkan kotakan rata kacaianana.

    Nya harita galengan ditampingan. Sawah angar mah sok didangkal digemukan, komo sawah tadah hujan mah, atawa sawah geledug, perlu nakér digemuk téh, teu aran sawah nu léndo. Biasana sawah nu meunang cai hirup, parena montok, arang nu keri, ngan hanjakal sok ayeuh, mun kiwari mah loba teuing gemuk orea meureun. Sanggeus binih umur 40 poé tuluy dibabutan, dibeungkeutan ka tengah . Saméméh dialung-alungkeun katengah kotakan beunang nganglér, diteukteukan heula pucukna. Ngalungkeunana di rahcalkeun.




    Sakapeung babut téh sok bareng baé jeung tandur mudu diwawadian mudu apik ulah garewol, ulah omboy teuing, ulah céték teuing tandurna. Komo nu ngabedug mah,mudu aya nu ngajejeran baé da sok aya anu malalenting digarawéna téh ari dikoncér mah. Biasana anu baluburuh magawé, tandu, babut jeung sajabanamudu baé disuguhan dahar jeung ngopi, aya ogé anu pur manuk

    Sanggeus lima, genep poe ti tas ditanduran paré téh lilir, aya ogé anu paéh, mun kitu mudu gancang diayuman.

    Mun geus gumunda, mudu geuwat dirabut dijambretan jujukutanana bari dilelep-lelepkeun ku suku sangkan jadi gemuk. Dina ngarambét mindo, mudu bareng jeung nyacar galeng . Teu kungsi lila nungguan, mun geus ngarambét mindo mah, sok tuluy papak daun, nyiram reuneuh, reuneuh beukah, celetu kumisi, rampak beuneur hejo harayhay, konéng, jujurahan asak baé. Waktuna dibuat nu boga sawah geus sadia keur nyalin.

    Saung sanggar dihias ku janur jeung sulangkar geus dibawa ka sawah.
    Jero saung sanggar dieusian pangradinan rurujakan, kupat, tangtangangin, puncak manik jeung sajabana. Mangsa nurunan sok nyawén malah sok maké umbul-umbul sagala. Sanggeus tarapti mah prak baé nyalin.
    Anu derep atawa gacong mareunang babon, minangka upahna.

    Mana disebut gacong ogé,pihartieunana tina sasangga sapocong upahna téh. ti teungahan eundan di kunjalan ka saung atawa ka lembur. Biasana saung diadegkeunana dina tetelar, sangkan teu ebrik sangkan tumaninah mun dipaké moé.

    Ti beurang eundan dipoé, dijeblag atawa didaray, ambéh tuhurna téréh, mun geus burit ditumpuk deui. Sanggeus kitu tuluy dipangkék. Nu marangkék dariuknna dina dingklik bari nyarekelan pakuj jeung tali eundan. Eundanna ditiliman ku nyiru minangka nandéan heucakna.

    Sanggeus tuhur diangkut, nu diheulakeun ibu. Malah ngakut paré jaman harita mah, maké sok iring-iringan, raraméan maké rengkong sagala.
    Dileuitna tara dielep di alunggé tara, jeung gogorontongna ditungtut digempel.









    Karunya teuing Pa Tani :Hegarna hate pa tani teh ngan ukur dina waktu nyanghareupan panen wungkul. Nenjo pare di sawah umyang koneng, mani asa enya manehna bakal meunang kabagjaan. Tapi sanggeus panen dimimitian, tampolana pare meunang nungguan sausum teh tara kabawa ngampih heula ka imah atawa ka leuit. Da langsung geus nungguan nu rek ngunjalan. Dipake mayaran hutang-hutang urut nyambung hirup sabot nungguan panen tea. ***
    Labels: Sajak Sunda
    Back To Top