• Upacara Pernikahan Suku Sunda Huap Lingkung Bagian 3





    Upacara Huap Lingkung


    Upacara Huap Lingkung Bagian 3
    Di pangkeng, sina paduduaan nyelang tuang ngajagi lapar nyumput di kamar. Tara jadi pintonan pilih huapanana teh, malah di-sumput-sumput, da panganten ge prakna kitu teh maling-maling ti panon batur. Kaintip ku para sepuh, kamanah ku para bujangga asa tegep asa pantes sareng rikip, upami diolah waktos silih huapan pangan ten dina kaayaan keur pada meumeut, pada geugeut, bisa padeukeut; diselapan pepeling / panggeuing nu disilokakeun.

    Nya dibeberes pareleanana, disusurup kumaha pilucueunana. dicipta-cipta ku anu ariasa, pasang petana dua insan bakat ku silih asih, dina tuang ge teu lesot asih, mani saalas silih huapan dibarengan ku oleng otel parebut lauk. Calik teu lesot pakaleng-kaleng, eta sadaya jadi siloka asal tina asmara. Nu jadi patokan teh silih huapanana, sanes ngariungna. Nu mawi, dipasihan ngaran Huap Lingkung, sanes tuang ngariung. Tuang sareng huap aya bentenna: Tuang dikawitan ku huap. Sanes huap dikawitan ku tuang.

    Teu aya nu dihuap, teu aya nu dituang. Huap diutahkeun (dikaluarkeun) deui moal aya tuang. Nu jadi poko teh "Huap." Huap-Lingkung, ngandung harti ngahuap bah pakaleng-kaleng paduduaan. Ku petana nu duaan silih kaleng ku leungeun, sanes silih tangkeup, ngajadikeun hiji lingkungan panangan diwatesanan ku nu duaan. Babasan nu lumrah dina ngajak tuang: Mangga urang tuang ngariung sok jadi Mangga ah urang Huap-Lingkung, eta mah panganten carana ngajak semah, sangkan daek diaku. Waras ngajak silih huapan. nanging ngajak tuang ngariung. Ibarat nu nitah kieu: Maneh kudu ngaku terus terang "balaka-suta." Maksudna kandang sabalakana. (Balaka = saenyana. Suta hartina anak). Maksudna ngaku terus terang, saperti pangakuan hiji anak ka Bapa (taya nu dikilungan).







    Labels: Budaya Sunda
    Back To Top