• Islam Dalam Naskah Sunda Kuno

    Benda Sejarah
    Sajarah jeung kapurbakalaan di Kabupatén Garut saenyana tacan kacatet sakabéhna. Hal ieu ngeunaan tacan ayana tanaga ahli anu mampu naliti jeung medarkeun sacara utuh, salian ti éta watesan kapanggihna bukti sajarah jadi bisa ngamumulé kanu aya. Dina aspék ngalestarikeun titinggal sajarah jeung purbakala, Garut ngabogaan poténsi. Dina aspék ieu perlu mekarkeun pamangfaatanana boh tina objék kajian ilmiah atanapi keur nunjang objék kepariwisataan. Sabab, pangbinaan ogé pamekaran kana titinggal sajarah jeung purbakala perlu ditingkatkeun.

    Salian ti barang-barang sajarah anu mangrupa Candi Cangkuang, situs budaya makam-makam kuno, jeung barang-barang di lingkungan situs cagar budaya saperti situs Kabuyutan Ciburuy, anu lengkepna dipaparkeun dina kaca “Objek Wisata”, masih aya barang-barang sajarah lain anu perlu dititénan ku masarakat saperti Naskah Kuno jeung titinggal Banda Sajarah karuhun, utamina mah anu nyangkut kana patula-patalina Islam jeung urang Sunda.

    Naskah Kabuyutan Ciburuy
    Naskah kuno tumut kana UU no.5 tahun 1992 nyaéta hasil tina karangan atanapi seratan anu nyaritakeun perkara nu mangrupa ketikan tur anu umurna minimal 50 taun. Tina hartian ieu, pasti waé jelas pasoalan naskah kuno di Kabupatén Garut lumayan loba. Ngan anu jadi pasoalanana masih loba naskah kuno anu jadi “barang pusaka” masarakat anu diteundeun teu dibaca. Sacara umum makna tulisan naskah kuno anu di eusina ajaran agama, bahasa, hukum adat, mitologi, paririmbon, kamasarakatan, sastra, sajarah, kasenian, oge élmu séjéna.

    Salah sahiji naskah kuno anu kawilang buhun di Kabupatén Garut nyaéta naskah anu aya di situs Kabuyutan Ciburuy. Ditulis dina abad ka-15, ngagunakeun barang seukeut tina daun lontar ogé nipah anu ngagunakeun basa jeung abjad sunda kuno. Naskah ieu dipaparin ngaran “Amanat Galunggung”, anu eusina peupeujeuh ngeunaan étika jeung budi pekerti Sunda buhun, anu ditepikeun Rakeyan Darmasiksa, Panguasa Galunggung, ka putrana Ragasuci (Sang Lumathing Taman). Salian naskah éta, loba ogé naskah lian anu disusun abad ka-18 ngagunakeun huruf pegon (Arab gundul), Jawa-Cirebon, jeung Jawa-Sunda. Dihandap ieu ngarupakeun daftar naskah kuno di Kabupatén Garut.

    No
    Judul
    Lokasi
    Huruf
    Bahasa
    Tebal (Hlm)
    1
    Ahmad Muhammad
    Muh. Abas Ardisoma, Ds. Karangsari, Leuwigoong
    Arab
    Sunda
    370
    2
    Babad Godog
    Encon, Desa Cangkuang, Kec. Leles
    Arab
    Sunda
    71
    3
    Babad Sejarah Sukapura R. Soelaeman Anggapraja, Jln. Ciledug 225, Garut
    Latin
    Sunda
    23
    4
    Danumaya
    Darta, Ds. Mekarluyu, Kec. Sukawening
    Arab
    Sunda
    62
    5
    Galonggong
    Aja, Ds. Cibatek, Kec. Banyuresmi
    Arab
    Sunda
    35
    6
    Ganda Sudarma
    Darta, Ds. Mekarluyu, Kec. Sukawening
    Arab
    Sunda
    80
    7
    Maduningrat
    Dita, Ds. Simpen, Kec. Limbangan
    Arab
    Sunda
    116
    8
    Prabu Kian Santang Aji
    Atmadimadja, Ds. Cinunuk, Kec. Wanaraja
    Arab
    Sunda
    49
    9
    Purnama Alam
    Ny. Ayum, Ds. Simpen, Kec. Limbangan
    Arab
    Sunda
    121
    10
    Rengganis
    Ny. Ayum, Ds. Simpen, Kec. Limbangan
    Arab
    Sunda
    97
    11
    Said Saman
    Asep Dadang Bahrudin, Ds. Neglasari, Kec. Limbangan
    Arab
    Sunda
    270
    12
    Sejarah Batuwangi
    R. Soelaeman Anggapraja, Jln. Ciledug 225, Garut
    Arab
    Sunda
    32
    13
    Silisilah Turunan Timbanganten Toha, Ds. Cikedokan, Kec. Bayongbong
    Arab
    Jawa-Cirebon
    32
    14
    Sejarah Limbangan
    R. Soelaeman Anggapraja, Jln. Ciledug 225, Garut
    Latin
    Sunda
    16
    15
    Walangsungsang
    Imas Darwati, Ds. Cinunuk, Wanaraja
    Arab
    Sunda
    266

    Banda Arkeologis
    Sababaraha hiji hasil panalitian arkeologi dina taun 1994 di Kabupaten Garut ku Tim Balai Arkeologi (Balar) Bandung diantarana :

    1. Batu Pipisan dan Gandhik
    Kapanggihna di buruan padumukan Bapa Engkar bin Sugandi, Kampung Sindangsari RT03/RW02, desa Cinunuk Wanaraja dina koordinat . Sabab banda arkeologis teu acan kantos dipendakan dina masa prasajarah, diperkirakeun ieu banda sajarah teh mangrupakeun paninggalan karajaan Sunda Kuno.

    2. Punden Berundak Pasir Lulumpang
    Ayana di areal perkebunan anu dipelakan tangkal jati jeung palawija, wilayah pasir lulumpang Kecamatan Banyuresmi dina koordinat. Dina areal punden berundak oge aya Batu Lumpang jeung Menhir. Ditafsirkeun ku tim arkeologi mah banda ieu teh ngarupakeun titinggal tradisi megalitikum.

    3. Prasasti Batu Tulis Barukai
    Ayana di sawidang kebon Bapa Mohamad Toha di sagigireun jalan Kampung Barukai, Desa Cigedug, Kecamatan Cigedug (dina waktu kapanggihna masih di Kecamatan Bayongbong), dina koordinat. Prasasti ditulis dina batu andesitic anu ngawentuk pasagi opat ngabogaan ukuran 130cm x 170cm jeung kandelna 15 cm ti dasar taneuh. Tulisan anu ngagunakeun huruf Sunda Kuno nyaeta “bhagi bhagya kanu ngaliwat”.

    Daftar naskah kuno
    * Babad Godog
    o Kacamatan : Lélés
    o Tempat naskah : Désa Cangkuang, Kac. Lélés
    * Suryakanta
    o Kacamatan : Balubur Limbangan
    o Tempat naskah : Desa Cigagadé
    * Suryaningrat
    o Kacamatan : Balubur Limbangan
    o Tempat naskah : Desa Cigagadé
    * Babad Limbangan
    o Kacamatan : Garut Kota
    o Tempat naskah : Jln Ciledug 225 Kal. Kota Kulon.
    * Danumaya
    o Kacamatan : Banyuresmi
    o Tempat naskah : Desa Cibatek
    * Sajarah Sukapura
    o Kacamatan : Garut Kota
    o Tempat naskah : Jln. Ciledug No. 225 Kalurahan Kota Kulon
    * Umar Maya
    o Kacamatan : Banyuresmi
    o Tempat naskah : Desa Cibatek
    * Batara Kala
    o Kacamatan : Sukawening
    o Tempat naskah : Kp. Cieunteung Desa Mekarluyu
    * Ahmad Muhamad
    o Kacamatan : Karangpawitan
    o Tempat naskah : Kp. Sindangpalay Desa Sindangpalay
    * Kitab Étangan
    o Kacamatan : Sukawening
    o Tempat naskah : Kp. Cieunteung Desa Mekarluyu
    * Kumpulan Do'a, Jampé jeung Silsilah
    o Kacamatan : Sukawening
    o Tempat naskah : Kp. Cieunteung Desa Mekarluyu
    * Layang Buana Wisésa
    o Kacamatan : Sukawening
    o Tempat naskah : Kp. Cieunteung Desa Mekarluyu
    * Layang Muslimin Muslimat
    o Kacamatan : Sukawening
    o Tempat naskah : Kp. Cieunteung Desa Mekarluyu Kec. Sukawening
    * Rawi Nabi
    o Kacamatan : Sukawening
    o Tempat naskah : Kp. Cieunteung Desa Mekarluyu Kec. Sukawening
    * Sulanjana
    o Kacamatan : Sukawening
    o Tempat naskah : Kp. Cieunteung Desa Mekarluyu
    * Walangsungsang
    o Kacamatan : Wanaraja
    o Tempat naskah : Desa Tegalsari
    * Ogin Amarsakti
    o Kacamatan : Cilawu
    o Tempat naskah : Kp. Sindangrasa Desa Ngamplang
    * Sajarah Turunan Timbanganten
    o Kacamatan : Bayongbong
    o Tempat naskah : Desa Cikedokan
    * Samaun
    o Kacamatan : Cikelet
    o Tempat naskah : Desa Cikelet Kulon
    * Galonggong
    o Kacamatan : Banyuresmi
    o Lokasi di Aja, Desa Cibatek, 35 kaca, huruf Arab, jeung basa Sunda.
    * Sajarah Batuwangi
    o Kacamatan : Garut Kota
    o Aya di R. Souleman Anggapraja, Jalan Ciledug 225 Garut, 32 kaca, huruf Arab jeung basa Sunda.

    Sumber : Kabupaten Garut Dalam Dimensi Budaya
    Back To Top